Ngarobah Rarangkén Per-An kana Ungkara Kecap Basa Sunda
Perumahan kaasup kecap anu dianggap can jadi basa Sunda, tapi hésé dirobahna. | sundaonline.com |
Ieu pedaran téh diserat ku sastrawan kawentar, Tatang Sumarsono, basa simkuring (Endang GG) jadi wartawan Tabloid Galura, 1987-1997. Harita, taun 1995 katompérnakeun, anjeunna ngahaja ngabagikeun ieu pedaran (mangrupi lambaran potokopian) ka sakumna wartawan Galura. Ayeuna ku simkuring pedaranana dibagikeun deui ka balarea malah mandar aya mangpaatna.
Dina basa Indonesia, rarangkén (imbuhan) per-an téh pohara produktifna. Réa pisan kecap anu bisa dirarangkenan ku per-an téh, malah saterusna mah aya anu geus jadi istilah baku, tur miboga harti mandiri. Pikeun urang anu sok nulis dina basa Sunda, kecap anu maké rarangkén per-an téh sok jadi masalah: kumaha ngunikeunana. Mindeng pisan deuih, urang sok jadi kateug, lantaran hésé manggihan kecap sasaruanana.
Ieu mah minangka tarékah saheulaanan, saméméh aya palanggeran anu baku, kuring nyoba-nyoba nyusun papasingan kecap anu dina basa Indonesiana maké rarangkén per-an.
Rarangkén per-an dina basa Indonesia dirobah jadi rarangkén pa-an dina kecap Sundana, contona:
Perkumpulan à pakumpulan
Perkampungan à pakampungan
Perguruan à paguruan à paguron
Perilmuan à paélmuan
Perdukunan à padukunan
Pertukangan à patukangan
Perusahaan à pausahaan
Perlindungan à panangtayungan/panyalindungan
Perpustakaan à pabukuan à pabukon
Rarangkén per-an dina basa Indonesia dirobah ku kekecapan (istilah) anu geus nyampak dina basa Sunda, anu proses morfologisna rupa-rupa, contona:
Perjalanan à lalampahan
Persamaan à sasaruaan
Persaudaraan à duduluran
Perjudian à adu-aduan
Peringatan à pangéling-ngéling
Persahabatan à sosobatan
Perencanaan à rarancang
Pertukaran à tutukeuran
Perwakilan à wawakil
Perceraian à pepegatan
Pertengkaran à papaséaan
Perkalian à kakalian
Permintaan à paménta
Perundingan à rundingan
Peraturan à aturan
Pertalian à katalian
Perkataan à omongan
Persekongkolan à sapongkol
Perpanjangan à kapanjangan
Perdamaian à karépéh-rapihan
Persesuaian à kasaluyuan
Pertambahan à tambahna
Persaingan à silisaingan
Percampuran à pacampurna
Perbedaan à bédana
Perbendaharaan à kabeungharan
Pertolongan à pitulung
Pertumbuhan à tumuwuhna
Peribadatan à ibadah
Perjodohan à jodo
Percontohan à conto
Perkotaan à kota
Perburuan à tegal pamoroan
Persepakbolaan à dunya maen bal
Catetan:
Ieu parobahan téh tangtu bakal dumasar kana kalimahna, teu matok kudu kieu waé. Lian ti éta, kecap peringatan aya nu hésé dirobahna, contona dina ungkara kalimah: “Penjahat itu tidak menghiraukan tembakan peringatan.” Kecap témbakan peringatan téh geus jadi hiji istilah husus. Asa teu keuna lamun ku urang ditarjamahkeun témbakan pangéling-ngéling atawa témbakan ngélingan. Mun arék ogé témbakan ngingetan. Bisa jadi aya deui pertanyaan tuluyna, kumaha ari peringatan keras? “Pemain belakang Persebaya mendapat peringatan keras dari wasit.”
Urang pikiran wé ku saréréa. Ngan anu jelas mah, lamun éta kalimah rék disundakeun, wayahna kudu dirobah ungkarana.
Rarangkén per-an anu (urang anggap waé) geus ditampa dina wangun morfologis Sunda, contona:
Perhatian, malah sok dilemeskeun perhatosan
Pertanyaan
Perkawinan
Perjanjian --- perjangjian
Perjuangan --- perjoangan
Pertandingan
Perlawanan
Rarangkén per-an anu dianggap can jadi basa Sunda, tapi hésé ngarobahna, tur umumna mah geus jadi istilah husus, contona:
Pertanian
Perkebunan
Perburuan
Perumahan
Perkantoran
Pertanahan
Perpajakan
Perairan
Perdagangan
Perindustrian
Permajalahan
Pernaskahan
Persenyawaan
Persuratkabaran
Perkeretaapian
Rék kumaha urang dina nyanghareupan wangun kecap kawas kieu? Ceuk pamanggih kuring, geus waé urang tampa sagemblengna. Urang sawang tina sisi positifna, nyaéta basa Sunda sina ngabeungharan, sarta mampuh dipaké alat komunikasi dina jaman kiwari. []
Komentar
Posting Komentar