Pangersa-Na

Buah dalima. | caralangsing.net

Basa ngaliwat ka wewengkon Syria, kuring nempo sawatara tangkal dalima anu leubeut. Haté geus kujemot hayang ngala éta buah, ngan dikenyed da geus kasawang éta buah téh haseum kénéh, ari nu dipikahayang ku kuring mah buah dalima anu amis.

Gok kuring di hiji tempat. Katénjo aya hiji jalma keur ngagolér teu walakaya bawaning ku capé. Loba cacing anu murag sarta naplok kana awakna. Loba tungo anu rabeng ngahiung di sakurilingna bari nyeureudan awakna deuih. Jorojoy baé rasa karunya ka manéhna.

Kuring ngadeukeutan manéhna, tuluy pok ngalahir, “Dupi Bapa kersa upami didu’akeun ku abdi supados Bapa bebas tina ieu katunggaraan?”

“Henteu,” walonna.

“Naha?” kuring kerung.

“Sababna ari cageur mah kahayang kuring, katunggaraan mah pangersa Alloh,” walonna ngécéskeun. “Kuring leuwih suka nuturkeun pangersa Alloh batan kahayang kuring.”

“Kahartos upami kitu mah. Nanging, panuhun Bapa ngawidian abdi pikeun ngagebah éta tungo-tungo anu nyeureudan kana salira Bapa....”

Manéhna ngawalon, “Gebah mah kahayang anjeun anu midangdam buah dalima anu amis. Keur naon maké jeung ngaganggu kuring? Rék ngadu’a mah du’akeun wé diri anjeun sorangan. Naha maké hayang ngadu’a pikeun kaséhatan awak kuring?”

“Aéh, naha Bapa bet uninga kana pikiran abdi?” kuring tumanya.

“Yeuh, sing saha anu geus wanoh ka Alloh, pikeun dirina geus taya deui anu nyamuni!” walonna tandes. [] Endang GG

Pangalaman Farid-Uldin-El Attar, tina buku Path of Love

Komentar

Postingan Populer