Sukuran ka Hyang Agung

Ilustrasi tina Republika Online

Dina buku Masnavi karangan Maulana Rum (Rumi), aya hiji carita anu kacida éndahna. Kieu caritana téh:

Aya hiji baramaén keur leumpang di padang pasir. Harita téh keur panas poé éréng-éréngan. Bawaning ku teu kuat nahan panasna panon poé, pok manéhna nyarita ka Alloh Nu Murbeng Alam: Nun Gusti, Anjeun téh sakitu beurat beungharna, tapi naha mani teu werat masihan sapatu ka abdi, tug ka ayeuna abdi kudu nyorang padang pasir anu sakieu panasna bari teu disendal-sendal acan....

Sanggeusna nyarita kitu manehna meuntas muru tempat anu iuh. Sabot ngiuhan, katempo ku manehna aya jalma tanpa daksa—teu gaduheun sampéan—keur gugulitikan di padang pasir. 

Harita kénéh éta baramaen sumujud, nyuuh, ménta pangampura ka Gusti Alloh. “Nun Gusti, hapunten abdi tos kufur ni’mat. Emh, untung kénéh abdi ku Gusti tos dipasihan suku tug ka abdi tiasa leumpang, da geuning anu tanpa daksa mah dugi ka gugulitikan kitu nyorang padang pasir téh....” éta baramaén kebek ku rasa sukur ka Gusti Hyang Agung. [] Endang GG

Komentar

Postingan Populer