Hartina Sunda dina Basa Sangsakerta

Sunda téh satria buta (détya). Conto dina pawayangan nu disebat détya, nya éta Gatotkaca (putra Bima sareng Arimbi). | pangandaranbeach.com

Ieu seratan téh dumasar kana pedaran inohong Sunda, Hidayat Suryalaga, anu diwawancara ku Endang GG, di bumina, taun 1990. Aya 25 hartosna Sunda anu diwengku ku opat basa; Basa Sangsakerta, Basa Kawi, Basa Jawa sareng Basa Sunda. Anu dipedar di dieu nya éta hartosna Sunda numutkeun Basa Kawi. Wilujeng ngama’naan. 

Sunda téh jengkar kecapna sund. Dina basa Inggris mah sun, nya éta panonpoé anu sipatna caang, moncorong, cahayana maparin sumber kahirupan keur sakumna mahluk. Ku kituna pancén Ki Sunda téh ibarat gawéna panonpoé, masihan pangdorong hirup malar hurip ka sapangeusi bumi. Maparin obor karahayon, malar hirupna pangeusi caang moncorong. Ku kituna sanés Sunda pingaraneunana upami seug nya surem nya poék, surem lahir poék batin. Anu kitu pandéna mah pibasaeunana téh manawi Sunda Samagaha

Sunda téh jenengan Déwa Wisnu. Dupi pancén Wisnu téh nya éta miara alam dunya. Jol bréh katangén yén tugas Sunda téh miara alam. “Héh manusa, ulah nyieun karuksakan andika di bumi.”, kitu pidawuh Gusti Nu Mahasuci. Dupi alam kapan aya alam kabir, alam sagir, diri urang nyatana. Ku kituna sanés Sunda, upami ruksak dirina (lahir batin, ahlak moralna), ogé sanés Sunda upami hirupna ngareksak lingkungan hirup kumbuhna.

Sunda téh satria buta (détya). Conto dina pawayangan nu disebat détya, nya éta Gatotkaca (putra Bima sareng Arimbi). Gatotkaca mibanda pasipatan nu kalintang saéna, teguh tenggoh tur nyatria, gedé tanaga tur luhur panemuna, lébér wawanén dina mancegkeun bener jeung adil. Ku kituna sanés Sunda upami hirupna nya lemer héngkér, éléhan sareng sieunan, hianat tur sirik pidik, nu kitu mah sanés détya, tapi buta wereng, hamaning hirup.

Sunda téh satria wanara. Wanara ayeuna sok dihartoskeun monyét, padahal wana = leuweung, ra = jelema, tegesna jelema nu digawé, tangginas. Pibasaeun ayeuna mah nya éta manusa anu aktif-kréatif (rancagé) tur dinamis-inisiatif (binékas, binangkit). Tétéla sanés Sunda upami hirupna taya kamau, taya gadag, kuuleun, lénglé-talangké, horéaman, embung capé.

Sunda téh cuddha = putih. Kecap putih dina basa Sunda ngandung hartos kalintang saéna. Apan aya paribasana clik putih clak hérang, hartosna beresih pisan, wening, sétra. Lemah putih = uteuk nu beresih. Ati putih = teu goréng sangka, teu suudon. Mutih (dahar sangu jeung uyah wungkul) = hayang beresih. Ku kituna sanés Sunda upami uteukna (pikiranana) pinuh ku rékaperdaya nyilakakeun batur, haténa giruk-hasud, sirik pidik jail kaniaya, suudon ka papada manusa.

Sunda téh ngaran gunung nu kacida luhurna di antara Gunung Burangrang sareng Gunung Tangkubanparahu, nalika jaman saméméh aya Talaga Bandung. Ma’na kecap ‘gunung’ dina rasa Sunda, nuduhkeun ‘hal nu gedé’. Gunung tanpa tutugan, hartosna Kaagungan Gusti nu taya wates wangenna. Gugunungan, lambang jagat alit, jagat ageung nu pinuh ku rohmat Gusti. Ku kituna tétéla Sunda téh ngandung tuduh sipat nu luhung, luhur, gedé ngajungkiring tur pinuh ku rohmat Gusti. Ku kituna teu merenah disebat Sunda, upami nya leutik nya kurinyinyi, heureut ku sateukteuk. []

Komentar

Postingan Populer