Can Puguh Bener jeung Pantes

Ilustrasi | mulpix.com

Si Nini ngingu ucing jeung kuda. Hiji waktu, basa si Nini keur reureuh bari nyanghunjar, ucingna nyampeurkeun. Kalacat, unggah kana lahunan Si Nini. Terus ngagoléhé. Ku Si Nini, ucing téh diusapan nepi ka ucingna kérék nyegrék dina lahunan.

Polah ucing kitu, diawaskeun ku kuda ti kaanggangan. Ceuk pikirna, éta ucing diogo-ogo teuing. Aing mah ngarasa sirik. Ucing mah mani kanjat diusapan bari dilahun. Na ari aing, saré gé teu disamakan-samakan acan. Padahal, aing bisa nurutan kitu-kitu baé mah.

Waktu ucing turun tina lahunan Si Nini, dipaké kasempetan ku kuda. Manéhna nyampeurkeun ka Si Nini. Kalacat, unggah kana lahunan Si Nini. Terus ngagoléhé di dinya. Ari Si Nini, boro-boro bisa ngusapan kawas ka ucing, kalah ngocéak, nyerieun ditincak ku kuda. Terus ngagolépak, kapaéhan.

Singhoréng, hiji perkara, anu bener jeung pantes, mun dipigawé ku nu séjén, can tangtu bener jeung pantes, mun dipigawé ku nu séjénna deui. [] Ali NA

Komentar

Postingan Populer