Jalma Bodo nu Gedé Hulu
Foto Ilustrasi tina tokopedia |
Kacaritakeun aya hiji sodagar anu pohara bodona. Manéhna rék ngangkut tarigu kana kuda. Ku kituna, manéhna butuh dua karung. Karung nu kahiji dieusian tarigu, karung nu kadua dieusian keusik pikeun ngimbanganana, cenah. Barang éta dua karung dihanjatkeun kana tonggong kuda, lar hiji pamuda miskin nyampeurkeun ka éta sodagar.
“Punten, Pa, abdi badé unjuk tumaros,” cék éta pamuda.
“Rék nanya naon?” si sodagar malik nanya.
“Dupi Bapa téh nuju naon?”
“Alah, sugan téh rék nanyakeun naon, sidik kuring téh rék ngangkut tarigu!”
“Tapi, geuning naha katingalna mah aya keusik sagala?”
“Eeeh, apan keusik mah pikeun ngimbangan tarigu, ngarah kudana teu ngarasaeun beurat sabeulah!”
Bari kerung pamuda téh ngalahir deui, “Naha teu langkung saé kitu upami tariguna dibagi dua? Matak hampang deuih pikeun kudana....”
Ngadéngé omongan éta pamuda, si sodagar kalah ka nyereng. “Héh, kuring rék tumanya, manéh boga harta sakumaha?”
“Abdi mah tuna harta, Pa,” walon si pamuda.
“Ari kitu mah geus répéh, ulah loba bacot. Kuring inggis jadi jalma miskin upama nurut kana pikiran manéh!” éta sodagar téh henteu daék narima kana saran si pamuda. [] Endang GG
Dicutat tina buku Tales of The Mystic East
Komentar
Posting Komentar