Kahadéan dina Kagoréngan
Potrét ilustrasi EGG |
Aya hiji fakir di pasisian hiji désa di India Kalér anu jadi pananyaan warga éta désa. Dina hiji mangsa éta désa katarajang sasalad tug ka sakabéh hayam paraéh. Ku sabab kitu, warga désa daratang ka éta fakir pikeun ménta bongbolongan.
“Duh, Fakir,” cék maranéhna, “Ayeuna mah kami teu gaduh hayam hiji-hiji acan. Kabéh paraéh keuna ku sasalad. Jadi kami kedah kumaha?”
“Tenang. Tangtu dina ieu perkara aya kahadéan,” walon éta fakir.
Ngadéngé kasauran fakir kitu, kabéh taya nu lémék.
Heuleut sawatara poé, sasalad narajang deui éta désa. Ayeuna mah nu jaradi korbanna téh anjing. Taya hiji-hiji acan anjing nu salamet tina éta sasalad. Warga désa ngaheruk deui. Maranéhna daratangna deui ka kaom fakir.
“Duh, Fakir, ayeuna mah kami teu boga anjing hiji-hiji acan. Padahal apan anjing téh diperelukeun pikeun ngajaga ieu désa, sangkan kami teu kapalingan ku bangsat. Nya kudu kumaha atuh kami téh?” warga désa lumengis.
“Dina éta kajadian ogé pasti aya kahadéan. Sing percaya kana kaasih Gusti,” cék kaom fakir.
Dina mangsa harita tacan aya korék api. Jadi, seuneu urut masak dina hawu téh ditutupan ku lebu ngarah seuneuna teu pareum. Ngan, anéhna, teu lila ti sanggeusna anjing paraéh, sakabéh seuneu urut masak di éta désa téh parareum. Ku lantaran kitu, sakabéh warga désa beuki liwung. Maranéhna ngarahuh deui ménta bongbolongan ka kaom fakir.
“Ieu téh tanda kanyaah Gusti,” cék kaom fakir bari marahmay.
“Kanyaah Gusti kumaha upama ayeuna kami teu bisa masak-masak acan?” sawatara warga kutuk gendeng.
“Tenang, dagoan, geura tingali engké dina waktuna,” cék kaom fakir. “Sing sabar, da mémang teu gampang pikeun bisa ningali rarancangna Pangéran mah.”
Can nepi ka sapoé ti harita, hiji raja anu lalim, anu resep kana perang, ngaliwat ka éta désa kalayan pasukanana anu samagréng. Ka mana waé cigna, maranéhna pasti nyieun bancang pakéwuh, maténi, ngarampog, ngahuru sarta ngancurkeun sagalana sacara brutal jeung biadab. Waktu anjog ka éta désa, raja rut-rét ka sakurilingna. Manéhna mariksa pikeun nangtukeun naha éta désa perelu dihuru jeung dirampog atawa henteu. Ngan, waktu manéhna sadar yén di éta désa taya hayam hiji-hiji acan anu kongkorok, taya anjing hiji-hiji acan anu ngagogog, sarta taya hiji-hiji acan haseup seuneu anu ngelun, raja nyarita ka jendral anu mingpin pasukanana. “Ieu mah désa téh paéh. Geus ah, Jendral, paréntahkeun pasukan pikeun muru désa nu séjénna!”
Ku kajadian éta mah, warga désa kakara sadar, yén enya dina rupa-rupa musibah téh aya kahadéan, kaasih Gusti anu pohara gedéna. Sakabéh warga éta désa nganuhunkeun ka kaom fakir.
“Intina mah, salila urang gumantung ka Pangéran, urang teu kudu melang honcéwang!” cék kaom fakir nandeskeun. [] Endang GG
Dicutat tina buku Tales of the Mystic East
Dicutat tina buku Tales of the Mystic East
Komentar
Posting Komentar