Nu Nguyung ka Balé Nyungcung
Ilustrasi pixabay.com |
Salila cicing waé di imah Ujang Ucu gawéna huleng jentul. Nguyung. Bingung. Teu bisa ngala duit kawas sasari—ngenékan jadi kuli bangunan di hiji proyék. Mangkaning kudu boga sapuluh juta. “Duh, piraku taun ieu bolay deui rék kawin téh?” manéhna ngaheruk sabot nyempod di juru dapur. “Gara-gara Si Korona!” gerendengna. Batinna ngajerit. Rasana ngocéak. Jung cengkat, soloyong ka tepas. Bari cingogo neuteup marakbakna béntang di langit, Ujang Ucu ngumaha ka Nu Maha Kawasa.
Tit-tit hapé di gigireunana disada. Barang dirérét, belengéh Ujang Ucu seuri.
“Aya kabar gembira, A,” ceuk Nyimas, bébéné Ujang Ucu dina pidiokol. “Saur Bapa sareng Mamah, Rayagung ayeuna urang nikah,” pokna deui.
“Nikah????” Ujang Ucu curinghak.
“Muhun.”
“Apan tabungan Aa nembé lima juta, teu acan sapuluh
juta.”
“Sawios da moal ulem-ulem. Nu utami
mah akad nikahna baé. Nu
penting salamet. Nu penting urang tiasa ngawangun kulawarga anu sakinah mawadah
warohmah.”
“Geuning tiasa kitu?”
“Iiiih Aa mah. Apan ayeuna téh nuju sasalad korona. Urang
kedah jaga jarak, ulah nyampeurkeun kana karaméan, kantenan ngayakeun karaméan mah.” Nyimas ngajéntrékeun.
Bray kasusahna nyingray. Tanggah deui, béntang di langit tingkaretip ngiceupan Ujang Ucu nu keur bungangang: rék ka balé nyungcung. [] Endang GG
Komentar
Posting Komentar