Werit Cai
Ilustrasi | viva |
Loba nu luhlah lantaran cai lédeng teu ngocor. Salasaurang warga di Jalan Sukaleueur Bandung, kapaksa meulian cai, sajarikénna opat rebu. Éta gé meuli ti tatanggana anu boga sumur bor. Mangkaning keur kapentingan mandi, masak, jeung nyeuseuh, sapoena bisa leuwih ti lima jérikén. Lain waé cai ledeng nu teu ngocor téh, malah sumur gé saat.
Balukar tina halodo, Bandung jadi hésé cai. Mémang teu kabéh nu langganan cai lédeng, ngalaman teu ngocor. Ceuk katerangan ti PDAM, débit cai di Bandung mémang turun.
Bandung, jeung daérah di Jabar, baheula mah apan kaasup Tatar Sunda nu subur makmur, curcor cai gemah ripah lohjinawi. Bandung mah sok disebutna gé apan “sawarga di Tatar Sunda”. Ceuk kolumnis asal Belanda mah “Waktu Tuhan tersenyum lahirlah Pasundan”.
Dina “Dialog Sunda 2000” jeung “Dialog Jabar 2000” di Gunung Putri Lémbang, geus diguar yén salasahiji nu bakal kaalaman di Tatar Sunda, werit cai. Malah digambarkeun dina skénario, bakal kajadian rebutan cai. Éta akibat tina kasarakahan manusa, leuweung dibukbak dijieun tempat pamukiman, tatangkalan dituaran, sawah diurug, dijieun komplek perumahan jeung pabrik industri. Villa jeung bungalow rapang di pasir, ngalindih lahan tatangkalan. Salasahiji tarékahna, nya kudu miara leuweung, lahan keur tatangkalan dilegaan, nyieun “ruang terbuka hijau” di unggal kota. Hanjakal usulan ti Panitia Dialog téh ukur semet usulan, taya lajuning lakuna.
Mun seug di Soréang waé, anu tadina daérah nu subur ku tatangkalan jeung pasawahan, curcor cai, walungan ngagulidag caina ngagenclang hérang, ayeuna bet hésé cai, sumur saat, lédeng saat, alatan narekabna wangunan industri jeung komplék perumahan, komo deui di Bandung anu geus heurin ku wangunan beton.
Cai kalah kumaha waé ogé salasahiji kabutuhan utama manusa. Pangpangna cai nu beresih, cai nu hérang, cai nu ngagolontor can keuna ku polusi. Ayeuna mah apan geus langka aya cai walungan atawa cai alam anu langsung bisa diinum. Keur kabutuhan nginum sapopoé, geus biasa meuli cai produk industri. Malah beuki loba nu embung mandi ku cai sumur, lantaran geus biasa mandi ku cai lédeng. Teu karasa, beuki dieu, dina sagala rupa urang geus gumantung ka hasil produk industri.
Alam bangun geus jauh tina kahirupan manusa. Usum halodo werit cai. Usum hujan mah caah rongkah, lantaran geus taya “serapan air”. Walungan nu mudal kalah mawa runtah jeung kokotor.
Méméh Bandung jeung daérah séjénna “darurat cai”, pamaréntah kota, pamaréntah daérah kudu nyieun aturan tegas keur pangusaha nu ngan ukur mentingkeun kauntungan, tapi teu mikiran balukarna, matak ngaruksak lahan kahirupan, di antarana werit cai. [] Endang GG
Komentar
Posting Komentar